CONTOH WAWANCARA DALAM BAHASA SUNDA

Senin, 23 Februari 2015



Wawancara

Abdi               :”Assalamualaikum Wr. Wb!”
Narasumber     :”Waalaikumsalam Wr. Wb!”
Abdi              :”Bapak punten. Abdi sareng rerencangan abdi ti SMPN 1 Luragung     bade ngawawancara bapak kira-kira tiasa heunte?”
Narasumber :”Mangga cep. Bade iraha?”
Abdi              :”Upami ayeuna tiasa heunte?”
Narasumber :”Mangga”
Abdi            :”Nami Bapak?”
Narasumber :”Sebut bae Bapak Rusmad”
Abdi           :”Ari Mushola ieu sejarahna kumaha Pak?”
Narasumber :”Taun 1977 teh Bapak ngawitan hoyong ngadirikeun Mushola. Alhamdulillah taun 1977 teh mushola parantos rengse di dijieun. Namung kitu sangat kecil mungil palingge ukuran 2m x 3m, awalnamah bapak ngadamel mushola ieu teh kanggo pribadi bae. Tapi teras saentosna berkembang-berkembang teh loba murangkalih anu ngiring di ajar ngaos. Mushola ieu teh diagengan deui, saentosna di agengan teh direhab, sampetaun 2014 teh tos 3 kali rehab. Rada pantes di sebat Mushola, mung area tanahna bae kirang luas. Awalna ieu mushola teh milik pribadi, saentosna ngawitan taun 2000 bapak ngarintis mushola ieu palai diwakafkeun. Ternyata Alhamdulillah basa taun 2011 ieu mushola teh statusna parantos berubah janten wakaf. Janten bapak jong-jong ari tos wakafmah, margi ari tos wakafmah tos diserahkeun ka NADIL & PARA PENGURUS”
Abdi           :”Ari tempat musholana dimana pak?”
Narasumber :”Mushola ieu teh tempatna di RT 006 / RW 003 Dusun Tengah, Desa Cikandang”
Abdi              :”Tujuan bapak ngadamel mushola naon pak?”
Narasumber :”Hoyong gaduh infestasi akhir. Manawi aya salah sawios pidawuh rosulullah anu pihartosenana “harta milik urang teh teu aya sanes kengin harta anu di wakafkeun” boh tanah atanapi anu sanesna. Mudah-mudahan janten amal sholeh”
Abdi              :”Artos anu di kaluarkeun mimitina kanggo ngadamel ieu mushola sabaraha pak?”
Narasumber :”Waktos aya keneh sepuh, bapak di modalan Rp.50.000,- kusepuh. Sok sepuh bapak teh “ieu artos. Sok pang damelkeun mushola samampu-mampuna” ku bapak teh di jalankeun. Tambih-tambihananya kubapak di talangan”
Abdi              :”Ari murang kalih ngaosna tabuh sabara bapak?”
Narasumber :”tikawit ieu berdiri oge murang kalih teh ngaosna wengi. Kunaon wengi? Sanajan kitu bapakna waktos ituna masih ngagaduhan pancen jadi PNS jadi lamun siang teu kabujeung. Saparantos kadieukeun bapak maksakeun maneh upami wengi teu katampung di ayakeun siang sapalih, nyaeta ba`dha dzuhur dugika ashar. Anu heunte kabagi siang wengi, atawa sabalikna. Ayeunamah parantos berbentuk Madrasah Diniyah Ta`miliyah Awaliyah, parantos diakui. Janten ayeunamah tos terdaftar di KEMENTRIAN AGAMA. Belajarna ge ayeunamah upamin gawitan tabuh 11.00 dugika 14.00 kanggo tingkat TK (Roudotul Ahfal), tabuh 14.00 dugika 16.00 kanggo tingkat MD (kelas 3-6 SD)”
Abdi              :”Dinten naon bae pak ngaosna?”
Narasumber :”Kanggo anu wengimah tiap dinten. Tapi ari anu MDmah mung 4 dinten, nyaeta senen, salasa, rebo, sareng kemis”
Abdi              :”kunaon mung 4 dinten pak?”
Narasumber :”kumargi tenaga pangajarna teu acan memadai, mentoleransi siswa, kumargi seer tugas ti sakola, teras kapan ari dinten jum`at atanapi sabtu mah sok aya kagiatan Pramuka, bapak teu tiasa kumah-kumah kumargi pan ayeunamah Pramuka teh wajib”
Abdi              :”murang kalih anu ngaos didieu aya sabaraha pak?”
Narasumber :” tingkat SD aya 59 + kelas baru nyaeta 30 = 89 keseluruhan”
Abdi              :”biasana murang kalih anu ngaos di dieu tingkatan naon pak?”
Narasumber :”kanggo MD tingkat SD. Ari anu sanesnamah seer murang kalih anu tingkat SMP, aya oge aya anu tingkat SMA/SMK. Malah sakali-kali sok ngayakeun undangan khusus pemuda pelajar, dikempelkeun di dieu”
Abdi              :”saha anu biasa ngajarna pak?”
Narasumber :”sementawis ieu sakuat-kuatna bae tanaga bapak. Mudah-mudahanmah kapayuna aya anu mantosanlah kitu. Ayeunage aya anu sok ngabantos sakali-kalimah sapertos IRMAS, alumni anutos SLTA/MA”
Abdi              :”Berbentuk kelas pak?”
Narasumber :”muhun kelas 3 SD = 1MD, 4SD = 2MD, 5SD = 3MD, & 6SD = 4MD. Nah di kelas 4MD teh sok aya ujian, dipasihan izasah, kengin rapot. Dugika ayeuna tos ngaluarkeun 3 angkatan taun 2011, 2012, 2013”
Abdi              :”acara rutin anu di lakukeun murang kalih biasana naon pak?”
Narasumber :”kumargi resep kana hafalan. Margi sok di ngawitan kuhafalan do`a, surat-surat pondok, zuj amma, atanapi zuj 30”
Abdi              :”perorangan pak?”
Narasumber :”muhun perorangan, kadang-kadang ari anu heunteu tiasamah kelompok. Diantawisna anu lancer seer, anu tos hafal surat-surat panjang di zuj amma, sapertos surat an-naba, al-faajar, jrrd”
Abdi              :”selain pangaos murang kalih, acara rutin anu sok aya di mushola ieu naon deui pak? ”
Narasumber :”majelis ta`lim ibu-ibu. Tabuh 07.30 - 09.00”
Abdi              :”acara anu biasana aya dinamajelis ta`lim naon bae pak?”
Narasumber :”majelis ta`lim, sareng biasana sasasih sakali kerja sama sareng PUSKES Luragung dina bentuk Pos PINDU, tos di akuiku PUSKES. Malah kepala PUSKES sering kadieu kadang-kadang Dr. Deni, Dr.Yoyo, bidanYuyun, & mantri Agus sering masihan penyuluhan tentang Kesehatan sareng Agama. Alhamdulillah sanawi ibu-ibu parantos sarepuh margi sering menerima Ilmu Kesehatan. Ibu-ibu sekedik lobana tahulah”
Abdi            :”bapak wawancarana manawi cekap dugi ka dieu. Hatur nuhun kana perhatosana. Di akhiran ku Wabilahitaufikwalhidayah wassalamualaikum Wr. Wb!”
Narasumber :”muhun cep sami-sami. WaalaikumsalamWr. Wb!”











Kesimpulan

Nami bapak anu ngadamel ieu mushola teh Bapak Rusmad. Pak Rusmad disuruh ngadamel ku sepuhna basa taun 1977 anu ngan di pasihan modal kusepuhna Rp. 50.000,-. Alhamdulllah mushola teh parantos janten anu ukurana     2m x 3m. Mushola teh parantos sababaraha kali di rehab. Ayeuna teh mushola teh parantos 3 kali ngarehab.
Awalna mushola teh milik pribadi, tapi saentosna taun 2011 mushola ieu teh statusna ayaunamah wakaf.
Bapak Rusmad teh palai ngadirikeun mushola kalayan hoyong gaduh infestasi akhir. Tempat ieu mushola teh di RT 006 / RW 003 Dusun Tengan Desa Cikandang.
Saparantos mushola berdiri teh, lami-lami loba murang kalih anu hoyong diajaran ngaos. Nuju awal-awalmah ngaos nateh wengi. Kunaon wengi? Sanajan kitu teh “baretomah bapakna masih pancen jadi PNS”.Saentosna bapak pensiun di alihkeun kasiang sapalih.
Ayeunamah tos berbentuk MD. Anu ngajar murang kalih dugi ayeunamah masih ku bapak. Kadang-kadang aya anu ngabantos ti alumni anu parantos SLTA. Murid anu ngaos di dieuteh ± 59 anak. Dugika ayeuna mushola ieu teh parantos ngaluarkeun 3 angkatan yaeta taun 2011, 2012, 2013.
Kanggo murangkalih MD ngaosna teh satiapdinten senen, salasa, rebo, sareng kemis.Cara ngaosna kanggo murang kalih teh nyaeta kuhafalan Al-Qur`an (perorangan atawa kelompok).
Salain pangaosan murang kalih di mushola ieuge sok aya majelista`lim ibu-ibu nyaeta satiapdinten sabtutabuh 07.30 – 09.00. Acara rutinana nyaeta ta`lima tawa majelis taklim sareng penyuluhan ti sababaraha staf ti PUSKES Luragung.


0 komentar:

Posting Komentar